Cerpen Bahasa Sunda

“Ano si Goreng Cangkang Hade Eusi” 

ku   : Gilang Cahya Ginanjar
Carpon Bahasa Sunda
Nu nulis  : Gilang Cahya Ginanjar
                   Carita ieu dicutat dina kajian asli, henteu aya unsur ngabobodo.
Ieu carita seuur ngandung pesan moral kangge urang sadayana
Wilujéng Ngadangukeun.!






Di susun ku ; Gilang Cahya Ginanjar



“Ano si Goreng Cangkang Hade Eusi”
     Hiji poe, mang Aceng aya nu miwarang maen dangdut di daerah samarang. “Mang ceng ieyu aya acra elektone kanggo enjing tiasa moal.?” Saur om Idang, “Dimana om.?” Waler mang Aceng. Om idang “Di samarang.” “Oh, muhun atuh” waler mang Aceng bari bungah.
     Isukna mang Aceng angkat ka lokasi, kira-kira kana jam 05.00 subuh. Tos dugi di lokasi, mang Aceng langsung masangkeun alat elektone na. Saatos rengse, mereskeun alatna mang Aceng nyobian sound system na. kira-kira tabuh 07.00 kurunyung teh aya nu datang, ari pek the si Ano.

      Ari kedah dicaritakeun mah, Ano teh jalmina rada kaganggu sarafna. Tapi jlami na ramah, bageur, sabar, tafakurna (usaha) hade, tegar, jujur, jeung sajabana. Uih deui kana carita nu tadi, si Ano datang ka lokasi bari seuseurian sorangan, ngomong sorangan, makum jalmi rada ---- . Ano langsung nyampeurkeun mang Aceng, mang Aceng “Jeung saha no kadieu.?” “Akh nyalira weh” waler ano bari sura seuri. “Tong seuri eta huntu koneng.!” Banyol mang Aceng. “Hehe, Akh maenya mang Aceng akh.?” Taros Ano. “Teu ketang heuruy no, ari Ano kadieu kanu naon.?” Saur mang Aceng, “Akh , mapah weh mang Aceng.” Waler Ano.
      Maklum Ano mah sok kitu, mupah mapah kaditu kadieu bari jeung tebih. Tipayun ge kungsi anjeuna mapah ti Garut ka Tasik ngan saukur bade lalajo mang Aceng maen dangdut. Ano mah bener-bener apet ka mang Aceng teh.
      Di lanjut carita anu pas di lokasi dangdut, panganten pameget atos dongkap ka loksi, teras di lajeng keun ku seserahan. Saatos rengse sdayana, acara hiburan di kawitan. Group mang Aceng tampil termasuk Ano, carita na acara nanaon atos rarengse, mang Aceng sereng grou na beberes alat.
Siga biasa upami atos bareres, bayaran di parasiahan, anu di lebet keun kana amplop. Mang Aceng sareng groupna marulang ka bumina masing-masing.Nu matak karunya , ari nu lain mah kanu kandaraan ari si Ano kalah mapah nylira, duh deudeuh teuing.
      Saminggu saterasna, ano dongkap ka bumi mang Aceng. “Mang Aceng nuju kuriak.?” Sapa Ano, “Muhun, ieu the hoyong nga dangdosan warung. Aya nao no.?” Saur mang Aceng , Ano “Kieu ieu teh mang Aceng, anu minggon kamari tea tilas maen di samarang.” “Naha ari kitu kunaon.?” Taros mang aceng. “Ieu, hehe, artos bayaran the langkung teuing. Ieu teh aya 200.000 , atuh da abi the rada sieun bilih mang Aceng lepat masihkeun. Adtuh da abi mah biasa na ge di pasihan saukur 50.000 ari ieu bet langkung.” Jelasan Ano.


     Mang Aceng ngahuleng, jeung karek nyadar minggon kamari teh mang Aceng ical artos. “Oh, muhun No, paingan di palarian teu aya singhoreng kalebetkeun meureun nya.? Emh, kutan the. Keun weh atuh eta mah keur Ano weh tos milikna eta mah.” Ceplos mang Aceng. “Akh entong atuh mang Aceng, bilih priyogi kangge kuriak, yeuh iyeu artosna teu acan di angge da ku abi ge” saur Ano bari masihkeun artos 150.000 . Mang Aceng “Yeuh anu 50.000 keur Ano, keu mang Aceng mah nyandak 100.000 weh.” “Nuhun atuh nya mang Aceng.!” Carios Ano.




“RENGSE”






@C_lanq

0 komentar:

Copyright © 2013 G - Diamond